Langsung ke konten utama

Postingan

HUMOR ALA PSK

Si Bedjo suka sekali jogging setiap pagi.. dan setiap lewat sebuah jalan dia selalu bertemu dgn seorang cewek penjaja seks cantik & sexy yg berdiri di sana... Dan tiap kali pula si cewek berteriak kepadanya “Lima ratus ribu, mau??” yg selalu dijawab sambil  bercanda oleh si Bedjo.., “Nggak ahh.., goceng ajaaa..!!” Hal itu sudah menjadi kebiasaan mereka setiap kali berpapasan.. . “Lima ratus ribu”!”. “Nggak, goceeeeeng!” Suatu hari istri si Bedjo ngotot mau ikut jogging... Biarpun Bedjo berusaha dgn segala cara mencegahnya.. Tetap saja sang bini yang badannya pendek, gendut, mana hitam, ngotot mau ikutan... Bedjo mengalah sambil hatinya was-was, bakal ada perang dgn istrinya, kalau si cewek PSK itu berteriak padanya ... Aduhhhh.......😱😱 Dia tahu bininya tidak akan percaya bahwa itu cuma candaan... Benar ajaa.., ketika Bedjo dan istrinya itu jogging berdampingan mendekati jalan itu.., sang PSK sudah berdiri di sana... Si Bedjo mencoba menghindar tatapan mata
Postingan terbaru

SABAB-SABAB JADI GELO..!!

(khusus keur anu ngarti basa Sunda) Dokter: "Kumaha caritana ... maneh bisa jadi gelo...?!? !?!!!? Pasien: "Mimitina mah tina masalah kulawargi. dokk..!!!! Dokter: " Masalah kulawargi kumaha..?? sok jentre keun...!!!!! Pasien: "Basa tahun nu kamari ..kuring kawin jeung randa..!!!.. Eta randa boga anak hiji awewe umurna 20thn...!!! Terus bapa kuring anu duda....ngarayu anak tere kuring ...!!!!.. Nu akhirna..anak tere kuring kawin jeung bapa kuring ..., hartina anak tere kuring ...jadi indung tere kuring ..terus bapa kuring jadi minantu kuring ...!!!! Geus dua taun pamajikan kuring ngalahirkeun budak awewe!!!.otomatis eta budak jadi adi indung tere kuring ....!!!! Eta budak pan nyebut bapa ka kuring ..!!!..berarti kuring oge bisa nyebut bibi ka eta budak...!!!! Taun hareupna....anak tere kuring jeung bapa kuring boga budak...!!!! eta hartina ..budak teh jadi adi tere kuring ..., tapi....eta budak oge kudu nyebut aki ka kuring ...!!!! Jadi dina waktu nu sarua.....pamaj

Oray Kajajaden 🐉

Dina hiji waktu aya preman make kuda ulin ka leuweung nu kawentar angker jeung pikasieuneun. Palebah jalan nu angker aya oray hideung gede ngahalangan jalanna, kontan kudana eureun ngadadak. Srreeet si preman ngaluarkeun pedangna rek nyabet oray hideung..  Waktu pedang na geus diayunkeun, ngadak-ngadak oray teh ngomong, atuh gancang leungeunna direm. "Ampun... tong dipaehan kuring" Si Preman reuwas kacida eta oray kunaon bet bisa ngomong?  Ah dasar preman, teu borangan. "Na saha maneh naon untungna teu maehan maneh?" Terus Si oray ngomong deui . " Tong dipaehan.... kuring nu ngageugeuh di dieu." "Kuring bisa ngabulkeun 3 kahayang anjeun" Si Preman mikir, tah ieu kesempetan. "Bener maneh bisa ngabulkeun tilu kahayang kuring?" Si Oray ngajawab, "Bener, pok geura nyarita!" Terus si Preman teh ngomong 3 kahayangna: Kuring hayang: 1. Beungeut kuring kasep meh loba awewe nu bogoheun. 2. Loba duit sangkan bisa kabeuli naon nu dipikah

HUMOR SUNDA - DOMBA SI UDIN

Si Udin boga Domba alus,🐐 di  Majalaya aya Kontes Domba sehat, hadiahna duit Rp300 rb.. si Udin ngilu lomba. ..Alhamdulillah meunang Kontes, hadiahna duit 300 rb Dibayar tunai ku Panitia, duitna 3 lambar 100,- rebuan. Waktu narima hadiah,bakat ku geumpeur ... duitna anu 300 rb murag, langsung diteureuy ku Domba na.. Panitia nyarankeun yen Domba na sina nginum kopi, terus ditepak-tepak bujurna, ngarah Domba na bisa utah, ambeh duit nu diteureuyna bisa kaluar. Si Udin balik bari neangan tukang kopi, bari nunungtun si domba.. pas aya tukang kopi si Udin mesen sagelas kopi. Ku si Udin kopi na diinumkeun ka si Domba saregot, terus ditepak-tepak bujurna, ..Bener geuning kaluar salambar duit 100 rebu ! Tukang kopi jadi kepo, langsung nawar 3 juta supaya Domba si Udin jadi milik manehna. Si Udin ngajawab singket ; "Teu dijual !" Si Udin nginumkeun deui kopi, terus nepakkan bujur Domba na, ..kaluar deui duit 100 rebu...!! Tukang kopi beuki panasaran, ditawar

HUMOR SUNDA - CONTOH KAPRIBADIAN JEULEUMA

Kapribadian jelema bisa ditingali tina kumaha cara manéhna ngadahar tahu,  dipedar di handap ieu: 1. KONSERVATIF : am dahar tahu, terus ngégél céngék. 2. PROGRESIF : Ngégél céngék heula, terus ngahuapkeun tahu 3. SPEKULATIF : Manggih céngék terus digayem, da susuganan bakal manggih tahu 4. IMAJINATIF : Can gé dahar tahu jeung céngék, geus seuhah jiga nu lada 5. OPTIMIS : Ngarasa yakin bakal aya nu méré tahu, matakna ngaheulakeun ngagayem céngék 6. NEKAD : Ngagayem céngék 20 siki bari teu jeung ngadahar tahu 7. ITUNGAN : Méméh am dahar, ngitung heula jumlah tahu kudu kelipatan 2 jeung jumlah céngék 8. OPORTUNIS : Mamawa céngék bari ngadeukeutan tukang tahu , sugan jeung sugan dibéré tahu haratis 9. DRAMATIS : Tas dahar tahu céngékna loba teuing, terus cirambay bari ngésot ngadeukeutan dispénser 10. SOMBONG : Méméh am, nyarita ka saréréa "Tempo yeuh, kuring rék dahar tahu jeung céngék!" 11. KAPITALIS : Manggih céngék langsung dipelake

HUMOR SUNDA - SARUPANING ALEUSAN KABEURANGAN

Kabeurangan 1 Guru : "Udin, naha kabeurangan?" Udin : "Bapak jeung Emak paséa" Guru : "Naon hubunganna jeung manéh?" Udin : "Sapatu abdi dicekel hiji sewang" Kabeurangan 2 Guru : "Kunaon kabeurangan?" Udin  :  "Hujan Pa. Guru  : "Mun hujan unggal poe?" Udin  : "Banjir Pa..!!" 🙊😂 Kabeurangan 3 Guru : "Naha kabeurangan?" Udin : "Emam bubur heula Pa.." Guru : "Naha dahar bubur bet jadi kabeurangan???" Udin : "Pan tukang buburna dagangna rada siang."😂 Kabeurangan 4 Guru : "Kunaon kabeurangan ?"  Udin  : pun Aki pupus Pa.."  Guru : "Innalilahi wa inna ilaihi rojiun, sing sabar nya...Sabaraha taun Aki teh umurna?" Udin :  "Duka atuh...pan tos pupus. Narosna kumaha ?"🙈 Kabeurangan 5 Guru : Naha kabeurangan?" Udin : "Naha naros ka abdi ?" Guru : "Enya pan di dinya datang ka

HUMOR SUNDA - LILA-LILA BOTAK

dongeng landong ngalamun..... Kusabab imahna leutik, RSS (rumah Susah Senggama) salaki pamajikan sare sekamar jeung budakna lalaki nu masih leutik. Lamun bade campur jeung pamajikanna, supaya aman, salakina sok nyabut salambar rambut anakna.  Lamun teu aya reaksi.... hartina aman.  Hiji peuting nyabut salambar... Cicing ... hartina sare tibra. Isuk2 salakina mandi bari nyanyi :  Tadi peuting ngeunaaaah ... Tadi peuting ngeunaaaah... Tadi peuting ngeunaaah... Pamajikanna di dapur ngajawab :  Engke peuting deuiiiii... Engke peuting deuiiiiiiii... Eeehhhh.... Si budak teh ngaliwat bari nyanyi oge: Lila  lila botak ....  Lila lila botak .... lila lila botak .... 

HUMOR SUNDA WEUREU PEUTEUY

Latihan maca "eu", mangga urang kawitan.. Ceuceu jeung Neuneu keur reureuh deukeut beus beureum. Beuheung Neuneu euleugeug neuteup peuteuy meuhpeuy jeung leubeut deukeut kleub keurseus teuleum.  "Euleuh-euleuh, deungeun teuteureuy Ceu," ceuk Neuneu teu euleum-euleum. Ceuceu ceuleumeut nyeueung peuteuy leubeut jeung beuneur deukeut beungkeut seureuh.  "Heueuh, Neu. Eunceup yeuh, meuleum peuteuy jeung beunteur keur nyeubeuhkeun beuteung. Ceuceu geus leuleus neureuy beunceuh geuneuk jeung keuyeup reuneuh teu eureun-eureun." Ceuceu meureudeuy.  Neuneu nyeuleukeuteuk, "Heu..heu..heu.. Ceuceu, ceuceu.. Neureuy beunceuh jeung keuyeup reuneuh? Geuleuh Ceu, jeung teu seubeuh. Leuheung peuyeum, teu geuleuh jeung nyeubeuhkeun beuteung." "Neuneu!" Ceuceu ngeuleuweuh. Leungeun Ceuceu ngeukeuweuk beubeur Neuneu, peureup Ceuceu deukeut beungeut Neuneu. Beungeut Ceuceu euceuy.  "Beuteung beuteung Ceuceu, beunceuh jeung keu